MIARA LINGKUNGAN
(Asmarandana)
Hey jelema kudu mikir
Alam the kudu di jaga
Ulah diruksakeun wae
Taya pisan kanyaahna
Mun diruksak alamna
Pasti bakal kaduhung
Jelema nu nalangsara
Miara alam sing sering
Dipiara tatangkalan
Leuweung tong di alaan wae
Sato tong diparaehan
Dijaga sakabeh alam
Ciptaan nu maha agung
Pikeuneun sakabeh umat
KEMBANG MALATI
(Kinanti)
Kembang malati nu lucu
Kaambeuna mani seungit
Taya papadana pisan
Mantak waas nu ningali
Lir kembang ratuna alam
Mani alus tur campernik
Malati kembang nu alus
Parlambang kembang sajati
Anu mantak pisan waas
Mun sering ditilik-tilik
Warnana bodas kacida
Mantak pisan narik ati
PATANI
(Sinom)
Aya hiji pagawean
Ngarana eta pataniss
Melakan pare di sawah
Mantak waas nu ningali
Gawena eta patani
Taneuhna osok di pacul
Parena the dipiara
Supaya bisa kaala
Guna pisan pikeuneun sakabeh jalma
Kacida eta karunya
Ku getol eta patani
Arek muru pagawean
Leumpang patani ngagedig
Siga ngucurna cai
Isuk-isuk manggul pacul
Taya pisan karasana
Dipake kabeh tanagi
Hujan panas ngesang ngucur teu dirasa
hi yennn....... aku boleh ngutip slah satu guguritanmu???? takutnya besok ada soal bikin guguritan jadi aku mnta satu yaaa... yang kinanti dgn judul "Kembang nu Alus"
BalasHapus:): hehehehe